Bangké Sirah
TI isuk ungas-ingus lebeng teu kapanggih. Beuki beurang beuki melenghir. Sagala dibukakeun sagala disingkabkeun. Weléh teu kasampak urut-urutna acan. Léos indit ka luar,sugan rada hégar. Tapi naha rarasaan téh asa beuki sanget
baé kana irung. Asa ti lebah imah tatangga ngahiekna. Éh, asa ti lebah dapur deuih. Irung uing kitu nu geus teu waras? Ah pan tadi gé bisa kénéh ngabédakeun bau sabun jeung bau karbol nu dipaké ngabanjuran lanté dapur.
Kasorénakeun nu pepelenghiran beuki pangseng. Beuteung asa dipurilitkeun. Sirah asa dirojokan. Orolo! Orolo! Eusi beuteung kaluar kabéh. Gedig kaluar, nyingkahan bau nu kacida matak lendengna. Gebeg. Di luar, disaban imah, jalma-jalma nu baralik sakola. Nu baralik ngantor. Suk-sok narunda sirah nu digembrong laleur. Sirah nu jaradi bangké. Gap nyampa sirah sorangan. Gustiii horeng....!!!* Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


