Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Resep Jeung Nyaah

Senin, 10 Juni 2013

CICIH nyirintil rek ngaronjang ka Si Mamih. Ditongtak ku Ikin anu tibeberegeg ngahalangan sangkan eta dua awewe henteu galungan.
"Oh...jadi ieu cucungikna awewe anu geus ngarebut Akang ti abdi teh? Surup ka patutna, nini-nini masih centil ka lalaki? Akang deui, dikamanakeun panon Akang nepika teu bisa ngabedakeun awewe nu geus buyakyak karahaan, haaaah...?"
Cicih nulak cangkeng bari ngahegak nahan amarah.
"Ngaca...didinya ge naon araheunana, cinta? Lebaaaaay....huh!"
Si Mamih ngajebian bari ngome perhiasan anu rambay dipake na awakna.
Cicih nyirintil ka Ikin.
"Baheula cenah Akang teh resep pisan ka Cicih, nyaah pisan ka Cicih, nepika Cicih bebeakan ngamodalan, tug nepika baruntak jeung Kang Suadma. Tapi ayeuna mana buktina....?" Cicih ngawiwiw ceurik.
"Eta mah bongan saha, bener Akang teh resep jeung nyaah ka Cicih, heueuh...resep menta nyaah mere...!" cenah bari nglaeos ngaleng Si Mamih. Ninggalkeun Cicih anu ceuleumeut bari ngalaan sapatu...!* Zulaikha Sobana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya