Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Kacang
Senin, 10 Juni 2013
SABOT Nini Jumi ngaléos ka pawon. si jay ngalieuk kana toplés nu aya dina jero lomari. ah, kacang médé!
"Nini! ukeun kacangna nya."
"Heug! Pék wé ari beuki mah!"
Sabari nungguan, ngetewil kacang nepi ka béak satengah toplés.
"Ngeunah kacangna, Jang?" Nini Jumi gék diuk.
"Muhun.. aya asin, aya haseum..."
"Heueuh, pék! Saban incu Nini kadieu mawa coklat SilverQuin, coklatna ku nini di momoy, kacangna mah da teu teurak, dikumpulkeun wé. Tah, meunang satoplés."
Si Jay, teu loba omong, buru-buru balik. Sajajalan olab teu eureun-eureun.* Is Tuning - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


