Sastra & Humor
Fikmin
Jingjet
Selasa, 11 Juni 2013
KLIK énter. Bray. Aya manéh! Ditelek-telek. Béda ti sasari. Awak manéh ngaliglag. Manéh hanjat tina ‘bathtub’. Ngarawél anduk. Dibeulitkeun dina harigu. Camperenik. Awak sampulur. Lalaunan ngaléngkah. Bitis ngaborélak. Ngalénghoy macan teunangan. Langgéor madep kana eunteung. Rap, buuk ditapelkeun kana sirah. Leungeun manéh
uyup-ayap kana laci. Péso silét ngadilak. Panon manéh ngolényay.
Panto digedor. Manéh ukur ngarérét ku juru panon. Teu paduli.
Manéh tonggoy ngeluk. Mesin panyedot lebu hurung. Patugeng-tugeng.
“Urang embung jadi lalaki..!” ceuk batin manéh.
“Ari nu ieu kumaha? manéh ngarampa jeroeun anduk.
“Jooor weh, gembol..!” batin manéh sabil.* Yanti Sri Budiarti - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


