Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Duriat Saba Darat

Rabu, 12 Juni 2013

SORANGAN. Inyana lalangkarakan. Luhureun sepré nu nyambuang ku seuseungitan. Anteng nyawang béntang nu ngariceupan. Aya nu norolang, nampeu kana ceulina. Parélé dongéng bapana. Ngeunaan para déwa nu jarebul ti jomantara. Turun ka lemah nu can kungsi kasaba ku sasaha. Bahamna milu capétang. Milang béntang. Ngitung lewang. Muntangkeun kasono ka nu geus lawas miang.
Leungeunna laju gigisik. Basa kadéngé wirahma nu geus loma. Rét. Hologram indungna. Keur ngabedega. Sorana halon tapi atra.
“Meugeus, Jang! Ulah lila teuing ngabungbang. Tempo adi manéh! Ti tatadi ngarenghik waé hayangeun beurang.” Gelik. Reup deui.
Eleh déét inyana. Jeung jiga nu terus rasa. Ragamang. Kana tombol nu disumputkeun dina tilepan simbutna. Bray. Inyana keukeureunceuman. Nyampak adina keur nyéréngéh tunjangeun ranjang, bari nyekel rorodaan. Inyana tanggah. Nyawang méga nu ngarandakah. Para déwa ngabiur deui. Kebat nyungsi wiati.
Beurang baganti. Jeroeun hiji imah. Di dayeuh Saptapertala. Mangréwu kilométer jauhna. Handapeun lemah nu can kungsi kajorag ku pangeusina.* Asep Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya