Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Séba Gedé

Rabu, 12 Juni 2013

Panén taun ieu mucekil. Ngaleuyah na lantayan huma. Diakutan kana leuit. Tangka lébér, pocongan metung, mucung kana para. Kabéhan nyéréngéh, haren. Kacapé leungit. Pas kawalu, haget sumanget, mangréwu haturan nuhun, pikeun Hyang Agung.
Mangsana séba, ngaleut ngeungkeuy ka dayeuh. Sabawana-sabawana. Bungbuahan pang éndahna, maturan nu leumpang suku. Nguntuy turun gunung, mapay jalan, nincak aspal, paselang trotoar kapépétkeun kandaraan. Sadrah, ja niat deuk babagi bungah. Ngabéjakeun carék, nepikeun talatah ti gunung, leuweung, pasir, lembur. Ti Puun ka Ibu Gedé turta aparatna.
Nu ngantay panjang, ditataan tartib. Ngajempolan daluang di puseur pamaréntahan. Laju ngaleut ka Pendopo Ibu Gedé, Gubernur Banten. Leusteuin aspal jalan cor, matak panas dampal cokor. Tapi maksud leuwih suhud. Pamaksadan nu utama. Kabayang séréngéh ménak nu bakal narima, di téras pendopo agung.
Sabada rajah panganteur, brak laksa dibuka. Song kana Ibu Gedé. Haren nampa. Tapi ibu kerung, “cacahan naon tadi téh hartina?” Ibu gedé, gubernur, jujur.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya