Balébat Dagoan
KARESEP ti keur leutik, tepi ka mangkat birahi. Ukur ngajanteng sisi jandéla. Ngintip balébat, tina gordéng nu disingraykeun saeutik. Resep. Ku anu ting arudat bodas di langit beulah wétan. Anu laju caang, dibagéakeun raricitna
sora manuk tina tatangkalan. Laju deui, sora Ambu anu serak ngajakan ka pasir. Ah, lamun seug kolot kuring siga kolotna Nyimas Nunung. Jeung teu ngahelas ka Si Mimin, nu unggal poé ngerewih ka Ambu jeung ka Abah. Teu sudi , kudu ninggalkeun karesep nu ngan hiji-hijina ieu. Jiih, na maké hayang sakola SMK sagala atuh, Min. Engké beurang. Bagian rombongan kuring, nu bakal iang ka nagri deungeun. Pileuleuyan balébat, pileuleuyan lemah cai. “Sih, Asih, meugeus ngado’ana. Buru dangdan urang balik, tuh tingali nu arék ngiangkeun urangna gé dibangkol ku pulisi!” Kapireng sora Imas, batur salembur rawah-riwih laju ngagabrug. Kuring malik nangkeup. Tipepereket. Rembes cipanon. Nuhun Gusti. Balébat. Dagoan. Kuring mulang deui.* Kang Ismaya - kisuta.com


