Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Malati Gunung

Rabu, 12 Juni 2013

SONO ka Si Nini. Bungah, lembur tѐh can pati kagamahan ceta kota. Hawa gunung meuraykeun lalangsѐ. Mipir pasir, anjog ka lѐngkob ngѐmploh. Wanci sariak layung, reureuh di warung hateup eurih. Jajan seupan cau, citѐh bari. Ni’mat pisan. Ronghѐap, hѐok kaambeu, wedak murah paranti Si Ema. Rѐt. Treup, paadu teuteup. Sѐak, jedud nambrag akma. Malati gunung sumedeng mekar. “Ieu tѐh, Nѐng Lѐha..? “ Cѐkeng. “Sumuhun, “ walona. Malѐdogkeun imut lucu, luk tungkul, bari ngucel-ngcel hapѐ lawas. “Ibu damang, Nѐng?” Kalah ngeluk. “Kang, dikantun nya,” pokna, ngalѐos. Hatѐ guling gasahan teu kuat ku sono. Hapѐna saminggu teu aktip. Ngemu palangsiang, sok sieun ngembang boa. Lahlahan, mulang ka lembur. Warung hateup eurih, geus ngiles. Hatѐ beuki ratug. Laju muru imah Lѐha, taya ngulampreng. Kabireungeuh di buruanana, aya lalaki tengah tuwuh, keur nganyam carangka. Kaparengan aya nu ngaliwat. “Dupi Nѐng Lѐha aya kitu?” Teu kuat hayang geura dijawab. “Cobi taroskeun, pan itu carogѐna.” Leng, Leketey.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya