Létah
TANGGAL 13-3-2013. Mitembeyan. Jual beuli, reparasi, létah. Kawalahan. Rabul, nu meuli. Teu bisa mingé. “Cik, model létah, kanggé politisi dadakan, aya henteu?” Ceuk nu pécékrék, leutik.
“Cobi, calangap. Kaluarkeun létahna!” Kuring mairan. Ukuran S, déngdék ka M, ieu mah! Gutrut nulis, kotrét
ngagambar. Modél kieu, nuju laris. Dijamin. Ungkara aréndah ,tur ngageleser, ngayun ngambing, merul. Teu kedah mikir. Nu ngupingkeun, kagugu, kabius!
“Mésér, satengah losin. Kanggé sérep.” Golosor, mayar. Mucekil.
Rentang-rentang. Awéwé, opatpuluh taunan. “Peryogi létah, supados sora pun anak, halimpu. Hoyong rékaman, cenah. Sayogi?”
Badé warna naon? Kayas, kulawu? Kitu, pagawéan, kuring. Ti isuk jedur, nepika soré jedor. Hirup beuki neut-neutan. Salieuk béh. Ayeuna, paéh poso, uleng. Mikir. Nyieun pormula, keur maténi sarap létah, Si Pécékrék. Kaperego. Ngagaléntoran, ngarungrum, pamajikan kuring.* Nena Cunara - kisuta.com


