Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Lembur Halimun

Kamis, 13 Juni 2013

KUNGSI hayang meuraykeun halimun. Nepika atra lebah-lebahna, teu sakadar ngalelebah, ka mana brasna basa saabrulan kalakay lir kukupu ngeleperkeun sapasang jangjang nilar lembur. Padahal anjeun mah teu ka mamana. Di dieu! Dina hariring wilujeng sumping atawa haleuang wilujeng angkat nganteur saabrulan kukupu, lir kalakay nu boa murag di mana. Di ditu! Di satengahing jalan, jalan nu salawasna tumanya "Badé ka mana?"* Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya