Ngégél Curuk
BOGA duit ladang komisi jual beuli taneuh. Teu pira cukup keur tujuh turunaneun mah. Lumayan. Tibang gé untung tina ladang énténg. Teu ngésang. Modal huntu jeung lalambé. Basilat. Ka luhur nyikut ka handap notog, ka gigir mecing, batina mangtikel-
tikel. Lilipetan. Ngélék ngégél. Sagala dirawél. Angkaribung.
Tabungan terus ngagunung. Merekis. Rékening mingkin bayuhyuh. Medah-meduh. Cikruh. Panghasilan taya nu kacocéng. Kabutuhan sapopoé ditutup kucara ngagoréng lauk ku gajihna. Padahal geus meujeuhna balabah ka tatangga, béréhan ka babaturan. Méré mawéh ka sasama. Ieu mah kalah melak jahé dina leungeun. Méréngkél. Mérégé hésé. Teu cara keur tatamba. Sok sanajan ukur maraban dukun lintuh panyakit matuh.
Manéhna gering parna. Nu karemit ngabaretem. Basa nu gering ujug-ujug mamayu. Boa-boa mamakasih. Mandog mayong. Dibéré bisi kanceuh, teu dibéré karunya. Diantep karep. Da mémang taya pakeunnana. “Kuring dahar naon atuh, bet sarwa disengker?” Aral kana pantrang. Nu mamayu ukur bisa neureuyan ciduh. Lubak libuk teu kalebok.* Mulyana SA - kisuta.com


