Nasib Nu Nyandung
LOBA lalaki nu sirik. Teu saeutik randa nu miharep. Aya oge parawan nu boga rasa. ka saha deui iwal ti ka Ki Arjuna. Hiji lalaki langit lalanang jagat nu kasohor sakti mandraguna, oge boga pamajikan di unggal madzhab. Di antara
sakabeh pamajikan manehna, nu kasohor iwal ti duaan nyaeta Nyimas Subadra jeung Nyimas Srikandi. Imahna sakomplek ngan beda RT wungkul.
Dina hiji waktu, Ki Arjuna meunang tugas ka luar kota. Jadi Tutor di UT. Kabeneran keur kabagean kilir di Nyimas Subadra. Atuh, eta pamajikan nu kahiji teh aya pamenta mun engke balik ti panyabaan. Teu pira ngan menta buah duren. Eta pesenan teh diinget-inget nepi ka dicatet dina lektop sagala. Kacaritakeun, dina waktuna balik bari rebo ku babawaan, diantarana duren tea. Raden Arjuna ku harianeun mengkol heula ka imah pamajikan nu kadua, Nyimas Srikandi. Atuh puguh we Nyimas Srikandi atoh, komo bari jeung ngajingjing duren mah. Atuh deker we eta duren teh dihanca ku duaan. lat we poho ka nu pesen. Beres dahar duren. Gebeg manehna reuwas. Inget ka nu pesen. Teu loba carita, gancang amitan ka Nyimas Srikandi. Datang ka imah, Nyimas Subadra nanyakeun pesenan manehna. Ngarasa boga dosa, manehna jol boga ide. "Yeuh, Nyai. Ambeuan we nya bau duren teh!" ceuk manehna bari ngacungkeun dampal leungeunna kana irung Nyimas Subadra. Teu loba carita, leos Nyimas Subadra ka kamar. Lep sare. Tengah peuting, Ki Arjuna ulungah-elengeh aya kahayang ka pamajikanana. Bari tunduh-tunduh oge, Nyimas subadra ngodokkeun leungeunna kana jeroeun samping, laju diulaskeun. Geus kitu diasongkeun ka salakina, "Cekap diambeuan wae nya, Kang!"
Raden Arjuna ngaheunggeu...Beu...!!!* Irman Dimyatie - kisuta.com


