Sastra & Humor
Fikmin
Gunung
Kamis, 13 Juni 2013
UNGGAL-unggal neuteup eta gunung, kuring jadi kawahna nu marudah. Geus ditaekan unggal mumunggang, unggal purnama. Nepi-nepikeun harewos ka rungkun jeung tatangkalan. Nulis-nuliskeun sajak dina batu jeung dangdaunan.
Ngabanding-banding ibun nu nyalangkrung jeung genclang cimata nu ngeclak basa panonpoe meletek. Laradea, ieu cinta angger bungur, ti ajali geus diguratkeun keur nepungkeun takdir urang nu anggang. Tapi ti saprak imut anjeun diiwat, leungit di antara jungkrang nu hieum, kuring jadi kawah, Laradea. Kawah nu marudah, nyiar-nyiar wanci nu mustari, iraha ngabitukeun cinta nu kumalangkem.* Darpan A Winangun - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


