Sastra & Humor
Fikmin
Angin Lamping
Jumat, 14 Juni 2013
NAON deui béja ti Anjeun? Héok rampé ti lembur peuntas, atawa saukur sora nu hawar-hawar, kokotéténgan di langit nu mémang taya pamuntangan. Eurih salamping. Gésrék ukur jeung baturna, tuluy ringguy. "Cuang nonggoh, yu! Kantenan di ditu mah, langkung anggang
langkung lamuk lamunan téh. Geura!" haréwosna ngérésék, maksa léngkah anjog ka lebah dinya. "Jungkrang!" gebeg. Waktu Manéhna ngan méré dua pilihan, kudu ngejat atawa luncat.* Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


