Sastra & Humor
Fikmin
Nungguan Nu Dangdan
Jumat, 14 Juni 2013
KALUAR ti kamar mandi, selengseng seungit sabun bayi. Seger! Lédak, lédak seuseungit kana kélékna, tambah malati kaangin-angin. Srot, srot, parfum aroma kananga kana sakujur awak. Rap baju beunang ngalicin nu geus maké
panyeungit aroma anggrék. Bérés mulas raray, crot, crot, hénbodi campaka kana dua panangan, laju diusap-usap nepi ka rata. Leng, leng, seuseungitan campuh. Anggrék, campaka, malati, kananga tingsurungkuy, nyedek kana angen. Mulek. Gumuruh. Muih. Les wé.
Hawar-hawar…, “Aéh, Akang, kunaon? Pan badé ka uleman…”* Teti Taryani - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


