Sastra & Humor
Dongeng Pasosore
Nyabak
Jumat, 14 Juni 2013
AWAKNA digolérkeun, panonna nu tadi alum katingal peureum. Bangun nu pasrah. Ngan katingal biwirna nu renya renyu, ngageter.
Kuring ngadeukeutan lalaunan. hiji-hiji kancing bajuna dilaanan. Bréh dadana, lebetna horéng teu nganggo nanaon.
Kuring neureuy ciduh. Sakeudeungan mah ho'okeun. Basa dampal leungeun kuring mimiti ngarampa, manéhna ngarahuh, awakna nguliat.
Dampal leungeun kuring laju nyasaran dadana, ti handap ka luhur. Ti gigir ka tengah, sakapeung bari neueulkeun jempol. Manéhna beuki peupeureudeuyan jiga nu kasiksa. Kuring gé teu nuluykeun.
"Teu kunanaon, ké di bumi, boréhan wé ku minyak séréh," cékéng téh. Aki-aki nu bieu ngagolér cengkat. Da puguh pasén di luar ngalantri kénéh.* Is Tuning - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


