Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ngadaragoan

Jumat, 14 Juni 2013

Manéhna. Diuk peuntaseun méja kuring. Nyérangkeun akustikan luhur panggung. Réma-réma katuhuna anteng ngusapan biwir gelas. Sakapeung ngarénghap panjang. Sanggeus malangkeun teuteup ka lebah lawang. Kana larsupna jalma dina rupa-rupa peta jeung dangdanan. Lieuk deui. Rénghap deui. Kawas aya nu keur ditungguan. Kawas budak awéwé nu élékésékéng di juru kapé. Nu pageuh ngeukeupan bonéka. Panonna rut-rét. Ka lawang, ka panggung, ka pelayan nu pulang anting nanggeuy baki, kana érloji nu meulit pigeulangna. Bangun nu geus béak kasabaran. Kawas kuring. Nu geus sajam cindeluk. Nungguan anjeun. "Jam salapan. Kapé Daun." Ceuk SMS anjeun, soré tadi. Rét kana jam dinding. "Sakeudeung deui sugan" Ceuk haté. Pung. Lamunan ngapung. Dianteur ku wirahma akustikan. Ngalayang. Kana régang-régang tineung. Kana teuteup jeung keukeup deudeuh anjeun. Kana imut nu nundung bangbaluh basa leungiteun indung. Kana sora nu komaraan. "Lis..." Pyar. Lamunan peuyar. Anjeun. Ngabedega hareupeun manéhna. "Bapa..." Kuring nangtung. Bareng jeung budak nu ngeukeupan bonéka.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com 


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya