Handapeun Bedug Masigit
SIRAH néréptép diduruk ku panonpoé. Suku rocop dicocoan jalan koral nu tarahal. Teu dirasa. Da anu nyanyautan jeroeun dada beuki lila beuki parna. Jedud, jajantug ngajedud basa panon pasarandog jeung rapangna hateup-hateup
pilemburan. Nu geus heubeul ditinggalkeun. Di béh landeuh. Nyel, aya nu seueul basa ceuli digedoran sora bedug. Hawar-hawar. Di dinya, handapeun bedug masigit, haté aing dirarajét. Ku sia! Karasa kénéh, babajég sia nenggel pisan kana caréham aing. “Dasar anak rampog! Cetukna ngalebokan duit rayat, anakna sarua bangsat!” Sora sia ngajelebét kana puhu ceuli aing. Peurih batin moal leungit, basa indung dikakaya. Salawé taun ka tukang. “Aing lain bangsat, goblog! Bapa aing lain rampog! Pan sia nu ngalebokna!“ Tingarenyud urat getih. Léngkah beuki digancangan. Jog, anjog. Gedong sigrong deukeut masjid. Amarah beuki ngarérab. Leungeun baju diséngglédkeun. Pérah bedog digilirkeun. Awak ngadadak muriang. “Urang ijén jeung aing!” Panto dijejek satakerna. Bréh, waruga teu walakaya. Awakna ragas, biwirna béngo. “U...jang, ham...pu...ra!”* Nana Sukmana - kisuta.com


