Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Nyaba

Sabtu, 15 Juni 2013

ARI nelepon téh sok galécok. Sagala ditanyakeun. "Kang! Kumaha bumi téh tos bérés? Katampi sabaraha wéselan nu kamari? kumaha si Ujang ngaji jeung sakolana?" pokna dina HP sabulan katukang. Sakapeung sok euweuh pijawabeun téh. Lain, lain pédah kuring cara batur nu ilahar ditinggalkeun nyaba ku pamajikan. "Sabenerna Akang téh éra ku batur, geus jadi kacapangan jaman nyalindung ka gelung, cenah!" Lain sakali kuring nyarita ka manéhna. "Ih! ari Akang, pan abi kikieuan gé hayang ngarobah nasib, keur urang lain keur batur! Anggur kokolakeun sing hadé jeung kadé mihapé budak." Sok tara bisa ngomong deui. Mun geus ditémpas ku manéhna.
"Gusti!!" Kumaha ngabéjakeun ka si Ujang, nu saban usik nananyakeun, iraha Mamah mulang. "Mamah tos mulang, Ujang!! kasép!! Anaking!! najan warugana can katampa" gerentes haté kuring. Basa Pa Kadés jeung nu liana miang ka Jakarta.* Arom Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya