Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Duit Jeung Do’a

Sabtu, 15 Juni 2013

Kéméd jeung Komod baralik ngaji. “Nya… duit mah teu kabawa ka kuburan, ceuk Mama ogé. Nu kabawa mah, ukur do’a” Kéméd tandes. Komod teu ngajawab, cacakan aya kénéh nu ngaganjel.
Isukna, lembur haliwu. Nu ninggal sapoé duaan. Jaro Manten jeung Bah Kamid, mujawir makam karamat.
Sabudeureun kuburan Jaro Manten, pinuh kunu ngado’a, tepi ka tujuhna. Baralikna dibaragi amplop.
Di kuburan Bah Kamid, molongpong. Padahal jenatna purah mangdo’akeun anu daratang.
“Geuning ari loba duit mah, do’a géh jadi loba Méd. Karasa meureun kana kubur? Kumaha tah heut…?!” ceuk Komod. Kéméd kerung.
Peutingna, Kéméd ngimpi, Bah Kamid keur nganuhunkeun kanu ngadaro’a, najan di luhureun kuburan Jaro Manten.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya