Hasil Studi Banding
NAJAN pada nyarék. Mindeng dijejeléh. Pajah ukur ngahambur-hambur duit rayat. Angger teu bisa diajak badami. Gilig. Studi banding kudu tetep laksana. Da ngarasa yakin baris aya mangpaatna. Biur ngajugjug nu dituju, nyaéta naraka. Nitenan. Motrétan. Tunyu-tanya. Dengar
pendapat wé jeung kokolot pangeusi naraka. Lungsur-langsar. Saruka bungah. Kacindekanana, geuning naraka téh tempat nu éndah. Ayem tengtrem. Cai cur-cor. Sagala nyampak. Cocog keur padumukan.
Isukna. Laju studi banding ka sorga. Sakuliah tempat diroris. Dipotrét. Pakumaha jeung sesepuh warga sorga. Matak pikasediheun. Rékoméndasi hasil studi banding, sorga mah kotor. Sayang rupaning panyakit. Hawana panas. Loba garong. Teu cocog keur padumukan.
Gubrag wé undang-undang. Kampanyeu digedurkeun. Tim sosialisasi ngadongdon sakuliah nagri. Masang iklan di sakabéh média. Eusina, umajak ka sakumna rayat malar tatahar bumén-bumén di naraka.* Rameli Agam - kisuta.com


