Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Paku Banten

Minggu, 16 Juni 2013

SI Karang ulah gumede, pedah dia pangbadagna, pedah boga sumur tujuh panandesan, pedah ngocorkeun cai panghirupan ka saban madhabna Banten.
Si Aseupan ulah gumeden, pedah isok ditoongan, ku kidulur urang baduy, teuing seba, teuing nyaba, teuing murwa dumampara, ja didinya ngaleuya carita, nu ngan puun nu apalna.
Aing geh Pulasari, teu jumawa pangabisa, padahal patilasan Rajatapura. Aing teudeuk umaing, padahal ngaleuya pusakaning kawikuan Cidaresi, Citaman, Cikahuripan, mudal di Cibulakan. Nyurulung Curug Putri susuci, rek maratkeun di Puncakmanik. Tah didinya Mandalawangi, mandalarasa mandala sajatining kula.
Jaganing jaga, dina tonggong awak kula, tina urat sandi kula, ngocorkeun rundayan Sunda, nu capetang cacahan, ti galuh tepi ka Banten Girang. Dek dumedek didieu deui ngahiangna.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya