Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kumbang Ronggeng

Minggu, 16 Juni 2013

TEPAK kendang, ngatur wirahma. Bonang, rincik, saron. Galecok, silih tempas. Adumanis.
Kepret karembong, pulas beureum rambutan. Metot sahwat lalaki elodan. Jumsa mandor kontrak. Kumbang Ronggeng.
Awak ngoprot, bulan rancucut. Birahi ngagalura di pakalangan. Saacan goong pungkasan, Jumsa, kasoran. Bleg, kobra leungiteun peurah. Dikeukeupan, dikalemoh Ronggeng. Rupa drusila.
Rengse pintonan, nu lalajo buriak, lubar.
Jumsa, mulang. Rampohpoy. Mopohokeun gumulungna birahi.
Isuk, jaganing geto. Borojol anak-anak Ajag.* Nena Cunara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya