Sastra & Humor
Fikmin
Kembang Plastik
Senin, 17 Juni 2013
"ASA enya rék langgeng. Ngaréka-réka rupa, pulas jeung seungit." Pokna, laju narik napas panjang bangun hayang nyeuseup sakabéh hawa sapangeusi ieu rohangan. Sajongjongan simpé! Ngan trik-trek jarum jam. Patémbalan. Jarum panjang, jarum pondok siga curuk. Tutunjuk ti
itu ka ieu, ti kitu ka kieu. Ngan Potrét jeung papaés-papaés séjén nu témbong beuki rantuy, beuki galécok nyaritakeun deui lalakonna séwang-séwang. "Enya, nya! Asa rék langgeng." Témbal angen-angen nu rumahuh meper gumuruh bangbaluh, basa nu nyambuang ukur kebul nu rabul tina kecap langgeng.* Arom Hidayat - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


