Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sagagang Simpé

Senin, 17 Juni 2013

RAMÉ pisan dinten kamari ameng sareng anjeunna, di rohangan anu janten kotak kado. Abdi sareng anjeunna janten bobonékaan di lebetna. Waktos abdi maoskeun surah asy – syam, éta surat janten bungkus kadona. Pulas jingga saé pisan. Dilajeng ku surah al – mulk anu janten pitana. Éta kotak kado janten lucu pisan. Bungah tiasa ameng sareng anjeunna. Asa di nagri dongéng anu seueur pohacina. Anjeunna geulis, manis. Kareueut. Tapi anjeunna sanés sagagang peremén coklat. Ameng sareng anjeunna ogé asa nuju ngimpi rupi – rupi warna. Tapi anjeunna sanés sagagang kelir katumbiri. Anjeunna mah sagagang simpé, anu seurina tiasa narjamahkeun 1001 basa ogé rasa kakangen.* Indah Eka Lestari - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya