Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kawin Kontrak

Senin, 17 Juni 2013

GIRIMIS ngepris, sajajalan tangkal lamtoro mayungan. Diuk ngaréndéng panon manco ka jalan. Kitu deui Peter anteng nyepeng stir. Haté norowéco tapi teu bisa kedal. Lima bulan saprak panggih, néken jeung ijab kobul hareupeun ustad, haté kebek ku kabungah, suka seuri babarengan. Teu sirikna dimana aya Peter didinya aya kuring. Ayeuna. tugasna geus lekasan, manéhna kudu mulang ka nagrina., bingung kudu kumaha nya pilampaheun, milu kanu miang beurat ku barudak nu keur meujeuhna bilatung dulang.
" Are you all right honey? Please, talk to me!" Peter muka obrolan, leungeunna ngusap kana pipi.
Ukur dipencrong, haté asa diseuitan ku hinis, isuk manéhna miang, sedeng si utun na beuteung geus mimiti teterejelan.* Cucu Unisah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya