Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ki Pandé Geulang

Senin, 17 Juni 2013

KI Pandé ngalungsar dina batu némprak, lima deupaan ti hawu panday nu teu ruhay.
Trang tréng trongna sora palu mantékan beusi pigeulangan geus sirna ti kamarina kénéh.
Simpé sabihari, Sumur Tujuh di puncak Gunung Karang tingtrim deui.
Geulang keur panegeran Si Amuk geus dibawa kunu mesenna.
Geunjleung kabéjakeun, di suku Gunung Karang. Aya tukang panday nu kapaké ku Sultan.
Pandé Geulang, ceuk lembur-lembur sabudeureun, nyirian lebah éta.
“Naha bet mundur ka?, kapanan ceuk bapa kolot, kudu ku turunan pandé, nu jeneng téh. Pang ngaradik kana kultur, putra daérah, jeung bakal nguatan kaaripan lokal?!”.
“Teu geura baé!.., rok?!”, jawab pondok nu mundur.
Geunjleung kabéjakeun ti suku Gunung Karang.
Horeng , anu reunceum geulangna, anu méré pigeulangeun ka pamilihna.
Anu jeneng di Pandé Geulang.
Ki Pandé ngaléos noyod ti Suku Gunung Karang.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya