Basa Anjeun Datang
ANJEUN nembongan di palataran sukma. Hahariringan. Lagu tineung. Lagu urang duaan. Kekembangan ligar di mumunggang rasa. Pating arulang. Diayun ambing dalingding angin. Ngawurkeun seungit malati. Ngangkleungkeun
daun-daun harepan ka umpalan paul sagara. Jaladri ngagalura jero dada.
Tuh srangenge keur manceran. Lir nu ngabageakeun. Ngahibaran impian dina genclang ibun. Sesa girimis janari. Dipirig ku mangpirang sora manuk. Sawirahma.
Perkara anjeun kungsi indit tanpa pamit. Perkara anjeun geus ngeundeuk-ngeundeuk lamunan. Perkara anjeun geus ngaguratkeun tatu. Geus dipopohokeun ti beh ditueun kamari.
“Abah, itu Ambu tos uih...!”, Si Jalu nyorowok ti buruan. Katara anjeun turun tina elf. Angkaribung. “Meni lami Ambu nyaba teh ?”, atra pisan, kasono budak ka indungna. “Ulah angkat deui, nya Ambu”. Teu beda jeung kasono bapana.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


