Anggraéni
BRAY muka lalaunan, sérélék layar panggung kelir bodas. Aweuhan gending solontongan mirig ibingan. Panangan salira ngagondéwa, léncop keleper raramo nyapit karémbong pulas kasumba. Sakolépat teuteup jeung teuteup amprok,
gilek, ngabalieur ka sisi panggung. Aya saha lebah dinya? Adeg-adegna nyari, ngalangkangkeun awak nu sampulur, napel dina latar kelir lalakon pinuh rusiah. Wirahma waditra naék satengah wilet, ukelna ngagalura nguwak-ngawik panonoban rasa nu keur liwung. Turugtug sora kendang méré tangara ibingan geus lekasan. Salira cedok nyembah binarung godeg. Trisi ka sisiépanggung, aya dua leungeun paheula-heula mapag hayang nuyun. Salira rut-ret neuteup seukeut. Rék ka saha salira mikeun asih? Gendingan bata rubuh ngaguruh jeroeun dada. Berebet lumpat ka tengah panggung. Sérépét keris kaluar tina sarangka. Bres! Nanceb kana angen. Gudawang. Burial getih asih ngamalir. Bréh. Salira neuteup dua pasang mata juuh cimata. “Akang duaan, hapunten abdi.” Tanjeb kayon. Sérélék layar panggung nutup, ngungun kelirna jadi kulawu.* Iwan Hanjuang - kisuta.com


