Rumasa
“NYA, mending nikreuh bari ngeureuyeuh jeung uing. Teu kudu loba ceta, maké jeung pundah-pindah pacabakan sagala. Der atuh didinya mah bet héjo cokor deuih. Yeuh, ari nu boga urang can ngersakeun mah. Los kaditu-los
kadinya gé, angger wé buladig. Malah nasib mingkin berewit, terus-terusan dikurihit napsu kahayang nu ngaberung baé.” Kuring ukur ngarahuh. Enya ogé mun dipikir mah. Asa salah bet ngahéab ku kasab tatangga nu marucekil hasilna. “Untung didinya mah, boga pamajikan teu loba paménta. Soléha, narimakeun hasil karingat salaki najan saeutik.” Heueuh, aing rumasa salah, Haté! Galécok waélah. Atuh moal anggeus-anggeus aing ngaput baju sapari Pa Kadés. Hég, isuk rék dipaké ngahadep Bupati, cenah. Kulutrak sora panto kamar pangkéng, muka. “Badé ngaleueut cikopi, Kang?” cék pamajikan neuteup ka kuring bari imut. Manis.* Kang Ismaya - kisuta.com


