Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Jadi Pangéran

Rabu, 19 Juni 2013

MANGTAUN-TAUN masantrén hayang boga laku siga laku pangéran; pan kitu ceuk kiai. Euweuh guru nu teu didatangan, taya kitab nu kaliwat. Boboléh, ahirna mah kabur ti pasantrén; ngaduruk sakabéh kitab.
Kiwari kakara karasana jadi pangéran, sanggeus jadi anggota déwan. Ngulinkeun nasib batur, ngutek-ngutek hirup jeung paéhna jalma réa. Tong boro ngan saukur nasib jalma, kapan nasib pangéran ogé bisa leungit tina kayakinan jalma cukup ku nyebut aliran sesat atawa pamurtadan.
Teu salah, ngeunah geuning miboga laku siga pangéran téh. Sawarga bisa dijieun, keur kuring sorangan. Naraka pon kitu deui, leuwih téréh jeung leuwih gampang nyeunna; keur batur.* Lalat Socrates - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya