Nu Diangkat Ka Langit
WENGI panungtung. Di taman Getsemani. Satutas jamuan. Anjeunna ngadadak hariwang. Honcewang. Atina ngageter. Ngilikan bulan. "Gusti, Anjeun Nu Ngersakeun," unina daria pisan.
Wanci liwat tengah peuting. Ti katebihan. Sora nu tarunggang kuda atah sasar. Ngagareuwahkeun hate nu lungkawing.
"Ieu geuning waktuna. Yaktos abdi ngartos," sorana pasrah. Horeng wadyabala Roma nu diabring dikokojoan rahib Kayafas.
"Tuduhkeun mana?," tanyana. Laju lir nu kasamaran tingal. Kalejo ku panenjo. Rupa beungeut nu nyanghareup ati mungkir meh sarua. Badis. Sarimbag. "Tah ieu geuning. Cangkalak euy!. Salib. Bawa ka dayeuh." Rahib ngayakinkeun. Nu dicangkalak teterejelan. "Lain kuring. Lain...!," akuanna keukeuh campur heran. Sorot panonna harianeun. Mapag getih nu diganggayong. Palangsiang nu lamur geus ngabaju. Nu diteang ngahiang ngabelesat meulah jagat ngajomantara. Disucikeun tina rogahala jalma nu rek ngakaya.* Jajang Arohmana - kisuta.com


