Disunat
TEU cukup ku dua kalimah syahadat. Mun anjeun bener bogoh ka kuring. Taeun anjeun ogé wayahna kudu disunat. Kitu ceuk kuring basa harita. Manéhna unggeuk. Rék nurut sigana. Naon deui, kolotna ogé ti baheula geus asup Islam.
Manéhna wé éta mah nu tolohéor. Abong-abong ku kolotna dibéré kabébasan. Kalah kukurilingan heula, ngukur panjang jeung legana dunya. “Nyeri moal?” Manéhna nanya, basa kuring nerangkeun yén disunat téh kaasup paréntah agama. Teu pati didéngé. Karep téh teuing. Ari hayang wé kawin jeung kuring. Ari embung mah kajeun. Kusabab kabungbulengan. Katurug-turug manéhna geus yakin yén Islam téh agama nu pangbenerna. Sabulan méméh dirapalan, manéhna gilig disunat. Kuring bungah. Kolotna nu di Walanda sarua deuih ngilu bungah. Ngan, orokaya. Tepi ka ayeuna. Saminggu deui rék akad nikah. Si kéhéd téh, duka kunaon, teu ngompol-ngompol. Ngagolér wé teu walakaya di rumah sakit.* Jordan Kurniawan - kisuta.com


