Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Asmara Lara

Rabu, 19 Juni 2013

LEUMPANG duaan dipirig hiliwir angin ti pasir. Gogoda tinggarupay dina pucuk-pucuk tatangkalan nu kaliwatan. Poé geus reup-reupan, layung geus méh surup. Tapi dina haté seuneu mimiti ngabebela. Jalan simpé, tapi dada teu jempé. Ngaguruh, ngagalurakeun salaksa trésna nu dipendem ti keur papada rumaja. Romansa ngan nepi kana ngusapan buuk, jeung ngaléng kana taktak. Ngan nepi kadinya..tapi kacida éndahna. Cinta nu teu biasa, geus kaerong akibatna. Ibu garosingsat, Bapa gegejlig tanda teu panduk. “Ka dulur mah sok goréng akibatna. Cing atuh kawas euweuh deui lalaki!” Duriat ambay-ambayan teu manggih pamustungan. Basa paturay di bandara, manéhna ngaharéwos bari ngusapan pipi nu juuh ku cimata, “Kadeudeuh Amang tan wangenan.” Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya