Nginjeum Leungeun
AWAL taun ajaran anyar, sakolaan pada ngadareugdeug. Mangga lebet!” Ka nu keketrok. Bapa-bapa asup mawa map biru. Tuluy nyolongkrong sasalaman. Dibagéakeun. Ngagebeg basa pancakaki. Ditalék. “Aya nu tiasa dibantos?” Song
tamu nyodorkeun map biruna. Nyoroscos. “Neda dibantos!” Bari sibuk ngeupeulan. Bréh gepokan duit ngiceupan, ngajak maén mata. Kuring ngalenyap. Ngumpulkeun pangacian. Ampir-ampiran bedah wiwaha. Panceg! “Punten pisan teu tiasa. Saéna ka sakola swasta baé! Tos pinuh. Hapunten.” Kéképéhan. Manéhna meredih, katingali curambay cimata getih. Najan teu téga, teu bisa majar kumaha. “Kudu raja tega!” Kitu pépéling pingpinan. Kualitas teu bisa diharatiskeun. Kapisah ku bél sakola. Batan kapok malah gawok. Manéhna terus ngadeuheus. Kapaksa kuring nu ngejat. Dines luar. Sawatara poé aman. Tapi poé séjénna aya deui nu ngadeuheus. Awéwé. Pangling. Asa-asa wawuh. Bray lalakon dua puluh taun kalarung némbongan basa manéhna nikukur. “Aang emut ka abdi?” Bari nyodorkeun map biru nu geus tilu kali ditolak. Leungeun kuring dumadakan lumpuh.* Mulyana SA - kisuta.com


