Milangkala Kabupatén Majalengka, Titincakanana Dumasar Legénda
MILANGKALA Kabupatén Majalengka unggal tanggal 7 Juni, nyésakeun kapanasaran masarakat, babakuna nu nyaho kana sajarah. Éta kapanasaran téh geus kawilang lila disidem jeung geus jadi rusiah umum. Ngan tepi ka ayeuna tacan nodél Pemkab. Majalengka pikeun memener titimangsa milangkala kabupaténna, duka naon sababna.
Dina mieling milangkala kabupaténna, urang Majalengka dumasar peraturan daerah (Perda) Kabupaten Majalengka No 05/OP.13.1/PD/1982. Dina éta perda di antarana disebutkeun titincakanana mibanda niléy-niléy historis jeung pendidikan pikeun mageuhkeun rasa patriotisme, idéalisme perjuangan jeung idéntitas daérah Majalengka.
Hanjakalna dina perda bieu teu diungkabkeun kajadian héroik samodél kumaha nu bisa dijadikeun kareueus masarakat. Kitu deui teu dijelaskeun ku naon bet ngagunakeun ngaran Majalengka lain Sindangkasih nu bisa dijadikeun idéntitas masarakat. Pikeun ngajawab dua patalékan ieu saenyana geus nyampak dina sajarah Majalengka.
Pemkab. Majalengka nyokot titimangsa milangkala Kabupatén Majalengka teh dumasar kana cikal bakal ayana masarakat nu geus boga aturan pamaréntahan. Nyaéta titimangsana Karajaan Sindangkasih nu diratuan ku Nyi Rambut Kasih. Karajaan Sindangkasih aya dina puncak kamajuanana antara taun 1485 M tepi ka taun 1489 M.
Jaman Nyi Rambut Kasih, Karajaan Sindangkasih keuna ku cacandran Sindangkasih sugih mukti. Ngan anu dipaké titimangsana lain dumasar kana momént penting di karajaan Sindangkasih. Tapi dumasar utusan Sunan Gunung Djati, Pangéran Muhammad jeung bojona Ny. Rd Siti Armilah matuh di Sindangkasih taun 1490 M.
Pemkab. Majalengka netepkeun. Pangéran Muhammad anjog ka Sindangkasih téh tanggal 10 Muharam dina bulan Islam ari dina almanak Masehi mah tanggal 7 Juni 1490. Dina taun 1490 mah, Sindangkasih téh geus muguran, lantaran kadéséh ku kakuatan Islam. Paling henteu Nyi. Rambut Kasih geus teu nyekel kalungguhan, teu boga kakawasaan.
Buah Maja nu Langka
Dumasar legénda, Pangéran Muhammad ka Sindangkasih dijurung ku Sunan Gunung Jati néangan buah maja keur nyegah pagebugna masarakat Cirebon nu loba katerap kasakit panas sarta teu bisa diubaran. Pikeun nyageurkeunana nu katarajang kasakit panas kudu ngadahar buah maja nu ngan aya atawa tumuwuh di Sindangkasih.
Tepi ka Sindangkasih, Pangéran Muhammad héséeun pisan néangan buah majana, malah mah teu manggih pisan. Pangeran Muhammad tepi ka ngomong kieu: Maja ning langka ... maja ning langka .... Ti harita, cenah, Sindangkasih téh ganti ngaran jadi majalengka, robahan tina kecap maja ning langka. Béh dieu Majalengka dipaké ngaran kabupatén.
Pangéran Muhammad jeung pamajikanana, teu mulang deui ka Cirebon tapi ngadon tatapa di gunung tepi ka tilar dunyana. Gunung tempat tatapana saterusna dingaranan Margatapa. Sajeroning tatapa bari nyebarkeun agama Islam. Ayeuna makam Pangéran Muhammad téh mindeng dijarahan sarta sabudeureunana jadi tempat wisata alam.
K Darto ZE., ti Kelompok Seni Pasantrén Budaya Ki Buyut, Pasantrén Al Mizan, Kadipaten nyebutkeun sajarah nu geus di-Perdakeun ku Pemkab Majalengka téh hiji kebohongan publik. Ceuk Darto, Pangéran Muhammad téh pituin urang Majalengka, ngan kawin ka urang Cirebon. “Anu parna disebutkeun tatapa, dina Islam tatapa teu dimeunangkeun,” pokna.
Titincakan titimangsa milangkala Kabupatén Majalengka ogé teu kuat. "Naha dumasar Karajaan Talaga Manggung, Sindangkasih atawa Galuh? Atawa nyoko kana Hindu-Budha, Islam atawa dumasar jieunan Belanda? Terus deui ngaran Majalengka, ti mana eta teh dicokotna? Ulah dumasar legénda," pokna.
Teu anéh mun Darto nyebutkeun sajarah Majalengka nu aya ayeuna kuduna mah ulah disebut sajarah tapi dongéng. Sajarah Majalengka henteu dumasar kana data primér jeung sekundér. Ku sabab teu béda jeung dongéng, atuh dina nyokot titincakan titimangsa Kabupatén Majalengka ogé teu puguh. Ti mana meunang tangggal 7 Juni 1490 téh.
Pikeun ngalelempengna sajarah Majalengka, Pemkab. Majalengka kungsi nyadiakeun anggaran Rp 250 juta. Ngan hasilna, nepi ka kiwari tacan aya kacindekan bulé hideungna. Masrakat Majalengka miharep, sangkan gancang aya kacindekan ngeunaan milangkala jeung sajarah Majalengka sangkan teu ngeukeuweuk anu tacan kabuktian bener.* Ryatna– kisuta.com


