Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kudu Ngawalian

Kamis, 20 Juni 2013

BALIK ka imah teh tengah peuting. Kasampak pamajikan jeung barudak geus talibra. Karek ge udar baju, ti luar aya sora nu ngetrokan panto. Duh, wayah kieu aya semah cekeng teh bari muru panto. Barang bray panto dibuka, aya budak awewe geulis kacida. Saumur-umur can pernah ningali nu geulis kawas kitu. Dangdanan jiga putri karaton, tapi ieu hate naha aya rasa deudeuh ka manehna.
"Ayah........", cenah bari imut. Kuring olohok. Katingali dina kongkolak panon budak awewe teh ngeyembeng cipanon jiga nu rek bedah. "Ayaaahhh!!!", budak awewe ngajerit bari ngagabrug kana lahunan. "Abdi pun Centring Manik, putri ayah ti Kangjeng Ratu Nirmala Sakti ti Nagri Sancang....". Gebeg kuring reuwas. Lalampahan 20 taun katukang aya tapakna. Sajongjongan kuring ngahuleng. Kadenge deui sora nu halimpu, "Ayah, tilu dinten deui abdi bade nikah. Wayahna kedah kaditu. Walian abdi! Saena mah, candak Mamah sareng adi-adi abdi nu ti dieu. Omat pisan!". Kuring unggeuk.
Nyi Centring Manik cengkat. Neuteup deudeuh bari imut. Mundur tilu lengkah. Less.... ngaleungit!* Irman Dimyatie - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya