Manéhna
ANJOG ka sisi talaga. Ngiclik marengan manéhna. Ngangen. Panon nanceb. Guley dina renyu biwir nu ipis. Manéhna mah tonggoy, neuteup biwir talaga nu ngagenyas. Bari ucang-ucang. Bitis bodas, badis humut. Sumedeng rangu.
Manéhna ngajak diuk ngaréndéng. Teu digugu. Karunya ka nu di jeroeun dada. Angin ririh cunihin nyingkabkeun buuk lebah pundukna. Panon nu katempuhan. Kunaon, hayang dibaturan waé? Ari kuring téh sahana? Da kapan, mun dina enyana ogé puguh teu nurub! Jeletot, manéhna nyiwit. Jedud. Aiiit! Bener kitu, ieu téh? “Kang, abdi badé ngojay nya!” pokna. Beu! Bulucun. Jantung beuki ratug. Gejebur. Laju mucunghul bari ngagupayan. Laju ngojay deui, kukucubukan beuki ka tengah. Lep teuleum. Beungeut talaga dumadakan teu oyag. Haté ratug, ngemu palang siang. Barang keur kitu. Gebur. Aya cahaya melengkung nutug talaga. “Kang, hayu badé ngiring?!” Kuring tanggah. Manéhna gugupay, bari imut kareueut. “Nyai..., ngiring...!” Nyah beunta. Rét. Si Ema keur ngingsreuk dina tunjangeun.* Yuharno Uyuh - kisuta.com


