Gedong Merdéka, Tempat Kongkow Nonoman
KARÉK jam satengah tujuh peuting, tapi di buruan hareup Gedong Merdéka di Jalan Asia Afrika, Saptu (15/6/13) geus réa motor nu diparkir. Ngajajar di deukeut tangga lawang asup. Nu bogana dariuk dina tangga luhur, aya nu paduduan, sabubuhan-sabubuhan, ngalobrol ngalér ngidul. Diselang-selang bari diparoto, maké hp, jeung maké kaméra pokét digital.
“Malem Minggu, komo upami sasih ngora, langkung seueur. Mobil ogé ngajajar di sisi Cikapundung, motor dugi ka ngabérés hareupeun Gedong Merdéka,” ceuk tukang parkir. Lolobana mah nu ka dinya téh ukur arulin, lain néangan pangaweruh, lantaran Museum Konférénsi Asia Afrika ti jam lima soré ogé geus nutup, tara narima wisatawan.
Gedong Merdéka, salasahiji gedong di Bandung nu ngandung ajén sajarah nu luhur, babakuna soré tepi ka peuting mémang jadi tempat pavorit para nonoman keur nalangkring, tamba saré soré-soré. Boh beurang boh peuting loba nu ngadon diparoto di dinya, malah teu saeutik pangantén nu milih buruan Gedong Merdéka jadi tempat poto pra wédding.
Jadi tempat nalangkringna para nonoman, babakuna ti peuting, mun dijujut kana riwayatna, teu jauh kana udagan diadegkeunana Gedong Merdéka. Urang Belanda nyieun ieu bangunan lain keur kantor, boh kantor swasta boh kantor instansi pamaréntah, tapi éstuning tempat hiburan peuting; tempat sukan-sukan; tempat rékréasi; tempat ngabrang-brangkeun haté.* Ryatna – kisuta.com


