Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dina Caangna Mangsa

Jumat, 21 Juni 2013

TENGAH poé. Masih di LCCT. Pulang antingna jalma-jalma nu béda tujuan, teu méngkolkeun paneuteup kuring kana lebah dadana.
"Tos lami kagungan soca bangor?" manéhna nanya bari ngarérét ka kuring. Tuluy tatanggahan, siga ngahaja ningalikeun beuheungna nu ngaluna maya.
"Ti kawit lahir, Étéh. Tapi wios nya? Da abdi mah kasép," témbal kuring bari seuri leutik.
"Har...naon kaitannana kakasépan sareng dada?"
Manéhna nyarita deui. Kaosna nu lahak angger teu diomékeun.
Kuring seuri deui. Teu maksakeun néangan jawaban tina pertanyaannana. Muka kantong. Mariksa Boarding Pass. Sajam deui papisah jeung manéhna.* Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya