Ngajarkeun Ngaji Rasa
Kudu bisa ngaji rasa, kudu raket jeung alam. Kitu nu diajarkeun ku Paguyuban Suku Dayak Segandu dina meuseuh anggotana sangkan jadi jalma nu bener, teu ngumbar napsu.
DI jalan raya Pantura Indramayu sok katempo aya nu tarumpak motor buukna gondrong bari sirahna ditutupan aseupan dicét warna hideung bodas. Teu maké baju, ukur dicalana kombrang. Beuheungna dikalungan tasbé anu
dijieun tina tulang sapi. Ngajalankeun motorna jarongjoneun pisan. Teu sieun dipegat atawa ditilang ku pulisi lalu lintas.
Anu tarumpak motor bari papakéanana kitu téh masarakat Suku Dayak Bumi Segandu nu ngahiji dina beungkeutan Paguyuban Suku Dayak Segandu. Tempat dumukna di Désa Krimun, Kecamatan Losarang, Kabupaten Indramayu. Ieu paguyuban dipingpin ku Takmad Diningrat nu ngajarkeun élmu ngaji rasa ka anggota anu jumlahna aya ratusan urangna.
Takmad anu ngaku meunang wangsit ladang tatapa di leuweung jati di tapel wates Kabupatén Indramayu jeung Kabupaten Subang taun 1990 téh nyebutkeun udagan ajaranana sangkan anggotana bisa hirup sabar, tawekal jeung ngajauhan tina pagawéan dosa. Ka dituna mah ambéh jadi jalma bener, teu papalingpang jeung agama katut darigama.
“Tah élmu ladang tatapa ku abdi diajarkeun ka nu séjén supaya aranjeunna jadi jalma balener, gedé mangpaatna boh kanggo dirina boh kanggo masarakat katut nagara,” ceuk Takmad. Anggotana téh lolobana tadina nonoman balangor, sanggeus dipeuseuh ku ajaran ngaji rasa hasilna jadi balageur. Teu wudu loba nu arasup jadi anggota ieu paguyuban.
Pangna anggotana tara dibaraju, sirah maké aseupan jeung dicalana pangsi hideung bodas, ambéh ngarasakeun kahirupan jalma sangsara. Warna bodas
jeung hideung ambéh bisa ngabédakeun mana kalakuan salah jeung anu bener. Ambéh bisa ngaji rasa, para anggotana kudu raket jeung bumi, jeung alam, jeung lingkungan.* Ryatna – kisuta.com


