Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Nyungsi Bihari

Gedong Merdéka, Tempat Sukan-sukan Tuan-tuan

Jumat, 21 Juni 2013

GEDONG Meredéka, nu pernahna di Jalan Asia Afrika No. 65 Bandung téh mimiti diadegkeun taun 1895. Awalna mah bangunan basajan, bisa disebutkeun warung kopi, tempat ngumpul tuan-tuan jeung sinyoh-sinyoh Belanda. Ku sabab beuki ramé waé, malah jadi pilihan utama ku nu hayang ngabungbang di tengah Kota Bandung, ieu warung dibangun permanén. 

Jadi gedong saperti ayeuna dibangunna téh dua tahap, taun 1920 jeung taun 1928. Arsitékna Van Gallen Last jeung C.P. Wolff  Schoemaker, duanana guru besar Technische Hogeschool (Sekolah Ténik Tinggi) Bandung –ayeuna Institut Téknologi Bandung (ITB). Gedongna dingaranan Sociteit Concordia, tempat senang-senang urang Belanda nu dumuk di Bandung. 

Di Bandung, gedong Concordia nu legana 7.500 méter pasagi, jaman Belanda paling méwah di antara gedong tempat sukan-sukan séjénna. Lanténa marmer nu ngahaja didatangkeun ti Italia, tempat dahar jeung ngarinum mah lanténa téh kai, kai cikenhout. Lampu nu digunakeunana lampu kristal nu artistik, ngagarantung dina langit-langit bangunan. 

Di gedong Concordia, babakuna ti peuting ngariung juragan jeung manajér perkebunan, perwira, gegedén, pangusaha jeung golongan-golongan nu balaleunghar. Ngadon balakécrakan, ngalobrol, pating cakakak seuseurian, malah réa nu bari ngaleguk inuman nu ngandung alkohol. Tangtu waé pribumi mah arang nu asup ka dinya téh. 

Dina malem poé peré, malem Minggu upamana, gedong Concordia teu weléh pinuh. Aya nu rék dahar peuting, ukur ngalobrol bari nginum, jeung nu hayang lalajo pamentasan kasenian katut hiburan lianna. Di antara kesenian nu mindeng manggung di gedong Concordia téh Persatuan Sandiwara Baraga nu tacan bogaeun tempat sorangan. 

Jaman Jepang, gedong Concordia robah pungsina. Ku urang Jepang, ngaranna diganti jadi Dai Toa Kaman, sarta dipaké jadi pusat kabudayaan. Lain kabudayaan dina harti jembar, tapi kabudayaan dina harti heureut. Ukur dijadikeun tempat kagiatan nu aya patalina jeung kasenian katut hiburan, boh keur urang Jepang boh keur urang pribumi. 

Sabada proklamasi kamerdékaan,  gedong Concordia dijadikeun markas pamuda keur ngalawan tentara Jepang nu narah masrahkeun pakakas perang. Kungsi dipaké kantor ku pamaréntah kotapraja Bandung. Ku ayana peristiwa Bandung Lautan Api, 24 Maret 1946, pamaréntah Kotapraja Bandung kapaksa ninggalkeun gedong Concordia. 

Anu nyulap gedong Concordia jadi bangunan sajarah téh présidén munggaran RI, Ir. Soekarno. Taun 1954, pamaréntah netepkeun Bandung tempat Konférénsi Asia Afrika. Tempat konférénsina di Gedong Merdéka, kalayan alesan tempatna lega sarta teu jauh jeung hotél-hotél nu geus boga ngaran. Ku Présidén Ir. Soekarno ngaran gedongna diganti jadi Gedong Merdéka. 

Réngsé Konférénsi Asia-Afrikana nu ngokolakeun Gedong Merdéka sababaraha kali ganti. Kungsi dicekel ku pamaréntah Kotamadya Bandung, terus dicokot ku pamaréntah Propinsi Jawa Barat. Ayeuna, babakuna sanggeus diresmikeun Museum Konférénsi Asia Afrika, Gedong Merdéka dikokolakeun ku Kementrian Luar Negeri. * Ryatna – kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya