Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Surat-surat Bungur

Sabtu, 22 Juni 2013

DI buruan, hujan nyésakeun girimis. Di téras, anjeun anteng nyulam tineung. Ngaderes saban ungkara katresna, nu rabul tina lambaran kahéman. Surat-surat bungur nu katarima saban saptu soré. “Nu ayeuna ...” Cekéng. “Sajak-sajak cinta nu teu weléh maturan ngasuh kasimpé.” Ceuk anjeun bari nampanan amplop bungur. Sok. Neundeun cai jeung lalawuhna dina méja. Di antara lambaran keretas bungur. Léos. Ngantep anjeun nganteur lamunan. Nyérangkeun ti nu rada anggang. Satukangeun anjeun. Sok rajeun ngotrétkeun kasono. Hiji perkara nu teu kungsi ditembrakkeun kalawan pertéla. Inget kénéh. Hiji mangsa, anjeun kungsi ngajak lalayaran dina bulan parahu. Bari tetembangan. Milang kiceup béntang nu ngabarak di awang-awang. “Kuring hayang kawas sajak.” Ceuk anjeun. Harita. “Hayang mapaésan saban kelir nu nyamunikeun harti.” Saéstuna, anjeun geus jadi sajak. Sajak kemba. Dina kasumba ieu haté. Dina lambaran surat bungur nu langgeng taya ngaranan.* Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya