Gedong Merdéka jeung Tahu Gejrot
BEURANG mah Gedong Merdéka mindeng dijarugjug ku barudak sakola nu ngayakeun studi banding. Narempoan barang-barang titinggal atawa sakur nu aya patalina jeung Konférénsi Asia Afrika.
“Seuseueurna barudak sakola téh ti luar Jawa Barat, ti Jawa Tengah, Yogyakarta, Jawa Timur, sareng ti Jakarta,” ceuk patugas Museum Konférénsi Asia Afrika.
Béda deui mun ti peuting mah. Ti méméh jam tujuh peuting ogé, geus réa nu ngadon dariuk di hareupeun Gedong Merdéka. Leuwih-leuwih mun malem Minggu atawa malem poé libur. Lain ukur urang Bandung, tapi ogé urang luar daérah, ngahaja daratang ka buruan Gedong Merdéka, hayang nyeuseup hawa puseur jeung nempo kaayaan puseur Kota Bandung ti peuting.
Teu jelas kumaha jujutanana, ku sabab meureun mun ti peuting ramé waé, ti opat taun ka tukang réa nu dagang tahu gejrot, kulinér has Cirebon, di buruan Gedong Merdéka. “Abdi dagang di dieu tos dua taun jalan,” ceuk Ardi, urang Ciledug Kabupatén Cirebon nu neundeun tanggungan tahu gejrotna persis di hareupeun tangga lawang asup ka Gedong Merdéka.
Ardi nu ku babaturan dilandi Robét dagang di hareupeun Gedong Merdéka téh jam genep soré tepi ka jam dua janari, tampolanana tepi ka adan Subuh. “Sateuacan mangkal di dieu, ti énjing-énjing ngider ka tempat sanés, badé sonten nembé ka dieu,” ceuk Ardi nu kos deukeut pasar nu aya di Jalan Gatot Subroto (Gatsu) Bandung.
Sapoé Ardi rata-rata méakkeun 300 tepi ka 400 siki tahu nu langsung didatangkeun ti Cirebon. Ari malem Minggu mah rata-rata 600 tahu. Harga saporsina, lobana tahu 10 siki, Rp6 rébu. Batur Ardi nu sarua asalna ti Ciledug sarta sok dagang di hareupeun Gedong Merdéka nyebutkeun omzét sapoéna teu jauh béda.
Dina poé-poé biasa mah nu dagang tahu gejrot di Gedong Merdéka téh antara opat tepi ka genep urang. Malam Minggu mah leuwih loba, buruan gigir Gedong Merdéka ogé pinuh ku tukang tahu gejrot. “Sadayana ogé tara aya nu nyésa, sok séép waé ari malem Minggu mah, margi nu arameng di dieu seueur,” ceuk Ardi bari ngaladangan.
Teu saeutik nu ngahaja ka Gedong Merdéka bari tujuanana meuli tahu gejrot, lolobana mah didahar di dinya. “Seger tos ngadahar tahu gejrot téh, lada, amis, sareng aya bawang atahan,” ceuk saurang bapa-bapa nu turun tina mobil sarta tuluy nyampeurkeun Ardi. Pesen dua porsi, jeung bojona tuluy dariuk dina tangga lawang asup ka Gedong Merdéka.* Ryatna - kisuta.com


