Teu dahar sangu jeung Teu Kudu Mandi
SABAN poé, anggota Paguyuban Dayak Segandu daharna kudu tina beubeutian saperti hui, sampeu, kumeli jeung sajabana, ladang melak anggotana sorangan. Teu meunang maké baju, sendal, sapatu jeung nu sejenna. Cukup maké calana pangsi. Mandi gé kudu di walungan, malah alusna mah teu kudu mandi ambéh awak teu katerap ku sarupaning panyakit.
Saban waktu kabeh anggota Suku Dayak Segandu sok ngarumpul bari ngaraji di padépokan anu langsung dipingpin ku Takmad. Baréto mah ngarajina teh sok bari ngalampar samak di handapeun tangkal buah. Ayeuna mah padépokana geus diwangun agréng, aya pendopona sagala jeung dibénténg, sangkan lalugina jeung teu ngaganggu ka sakumna masarakat di sabudereunana.
Waktu kisuta.com nganjang ka padépokanana, Takmad jeung sababaraha urang anggotana keur narembang bari dariuk ngurilingan balong leutik. Maranéhna ngahariring bari sirahna gogodeg, ka kénca jeung ka katuhu. Dibandungan tembang anu dihaleuangkeunana maké lirik basa Jawa, tapi basa Jawa Indramayu, lain basa Jawa Tengah.
Lirikna téh unina: ana kita ana sira, wijile kita cukule sira, jumlae hana pira, hana lima, ana ne ning awake sira. Rohbana ya rohbana 2x, robahna batin kita. Ning dunya sabarana, benerana, jujurana, nerimana, uripana, warasana, sukulana, penanan, bagusana. Ieu lirik ngélingan sangkan urang jujur, jeung narima kana kaayaan nu katarimana.
Geus réngsé nembang sababaraha balikan, terus ngareueum dina balong téa. Kira kira tengah poé maroé maranéhna paéntép-éntép muter kawas lauk peda di hareupeun pendopo. Sanggeus meunang dua jam maroé, kabéh arasup deui ka rohangan pendopo bari dalahar beuleum sampeu. Moé manéh téh sok dilakukeun saminggu sakali, saban Kemis.
Para anggota anu geus kapatri ku élmu ngajirasa Suku Dayak Hindu Budha Bumi Segandu lolobana geus rumah tangga. Tapi maranéhna tara ngajakan pamajikan jeung anak-anakna asup jadi anggota padepokan anu dipingpin ku Takmad. Unggal poé di lemburna gawena ngan melak tatanén waé, keur kapentingan hirupna. Campur gaul jeung tatanggana rada dianggangan.
“Salami janten muridna Pa Takmad, pun lanceuk paripolahna robah, ayeuna mah janten bageur pisan. Tara ngambek sok komo jeung kumawani neunggeul ka abdi sareng ka pun anak mah. Wios lah sok dibuligir bari jeung tara mandi gé nu penting bageur we,“ ceuk Ny. Arminah, bojona Kadim, salah saurang murid Takmad, ditungtungan ku seuri.* Ryatna - kisuta.com


