Gatot Begér
"Tabé pun, pangapunten kasanggakeun, aya nu teu kaasupkeun kana Candradimuka harita teh nun, laju jadi kieu kaayaanna éta la!" Panji Narada laporan kana Batara Guru.
"Teu nanaeun Ka Panji, ja anggeus kajadianna géh kwari mah, kudu kumaha deui burung," wijaksana jasa jawabna.
Marcapada harénghéng haliwu. Ti gunung kadenge sing jelegur, padahal lain bitu. Ti walungan séah sing gejebur, padahal lain caah. Ti leuweung sing gorobas, padahal lain gempa.
Sangkuni cuh cih lieur narimaan laporan ti warga Astina. Kresna pakepuk ngajelaskeun ka rahayat nu ménta katerangan, ja humana arayeuh.
Dorna nu biasana ngahéhéh tilok rungsing, kwari mah kalah ngahngah.
Panji Narada laju na mah turun ogé. "Geus Tot, tah... kwarimah, dibéré ku Déwa, jantung haté jeung élmuning sajak pangirut, pang dia bisa ngarayu para bikang nu dipikaresep. Gasik eureunan, tong amuk-amukan kitu karah!"
"Begér téh meuni haliwu kitu ih..., dasar Gatotkaca" dilak Pergiwa Pergiwati.* Rohendi Pandeglang - kisuta.com


