Lungguh Tutut
KATAJI ku salira, lain pédah ku kasép ngalémpéréng konéng atawa ku rucitana. Tapi ku jarang takonna. Cicingeun. Lungguh timpuh andalemi. Tara nyatur tanpa bukur, tara nyarita nu teu guna. Sagalana diraksa jeung diukur luyu
ugeran. Pengkuh dina tatapakan galur anu maneuh. Mingkin reureus, mingkin deudeuh. Haté panceg ukur ka salira. Keur ayeuna jeung salawasna.
Miharep kagunturan madu kaurugan menyan putih. Bisa nyucruk galur sunah rosul nincak lacak syariat-Na ngan jeung anjeun. Tresnaning asih nu jadi pamatrina, salam subaya panyangcang rasana. Seja miang nyungsi rarabi diwuwuh ku rohmat Gusti. Dirungrung rahayu indung dijajap darajat bapa. Diaping dangding pépéling ‘na mangsana jatukrami. Tinekanan.
Wanci baganti, jaman barobah marengan laku lampah. Salira dumadakan capétang. Lir kacang ninggang kajang. Merespes. Sakapeung ngagantawang, mun kuring telat mairan. Sagala ditanyakeun, diungkit, ditalungtik. Selenting angin kolépat bawaning kilat. Rusiah kaembus. Salira miceun salasah bari sentak sengor. Jiga nu enya jumawa. “Rék tetep ngahiji atawa leupas, Nyai?” Api-api.* Mulyana SA - kisuta.com


