Lain Agama jeung Lain Séké Selér
PAGURON anu ngajarkeun ngajirasa pingpinan Takmad mimiti kakoncara jaman Pemilihan Umum taun 2004. Takmad jeung sabalad-baladna jangji rék jadi golongan putih (golput), alias moal milu milih kawas nu séjén. Alesanana lantaran teu perelu ulubiung jeung urusan pulitik. Anggota paguyuban ngarasa geus jadi jalma anu tingkah paripolahna geus bener jeung satia ka nagara.
Puguh waé loba nu ngarambek. Kapolrés Indramayu harita, dijabat Drs. AKBP Syamsudin Djanieb, SH, ngancam rék ngabubarkeun padépokan Takmad. Alesanana Paguyuban Suku Dayak Segandu geus kampanye golput nu ngarempak palaturan nagara. Lain ukur pulisi nu ngancam kitu téh, loba pihak séjén nu ngarasa teu sapuk jeung ajaran Takmad.
“Hayang jadi jalma bener mah teu kedah dibuligir bari jeung kudu ngajual séké sélér jeung ngaran agama séjén. Ibadah waé sing bener, apan maranéhna téh ngagem Islam. Lamun geus teu percaya ka Gusti Alloh, nya dosa hukumna,” ceuk KH. Ahmad Djamali, Ketua Majelis Ulama Indonésia (MUI) Kabupatén Indramayu.
Diarancam rék dibubarkeun téh, Takmad mah teu gimir, jongjon ngajarkeun tarékah sangkan anggotana jadi jalma nu kalakuanana taya carékkeun. “Abdi mah ngan saukur ngamalkeun elmu ka para anggota ambeh jaradi jalma bener. Naha bet nu sejen kalah harayang ngabubarkeun padepokan. Teu langkung kulan, mangga teh teuing,” ceuk Takmad.
Takmad malah nambahan ngaran padépokanana jadi Suku Dayak Hindu-Budha Bumi Segandu Losarang. Puguh waé nu ngagem Hindu jeung Budha karasa kasigeung. Takmad ngabejakeun, anu disebut hindu teh lain ngaran agama Hindu. Hindu téh ngandung harti indung nu ngakandung, manusa dijurukeun tina kandungan indung.
Budha dicokot kecap tina wudha, hartina dibuligir. Nu matak muridna Takmad mah kudu dibaluligir. Suku Dayak, ceuk Takmad lain ngaran séké sélér saperti di Dayak Kalimantan. Suku hartina paragi nincak jeung paragi leumpang. Ari dayak nyokot tina kecap ngayak. Hartina urang kudu bisa milih jalan anu bener, henteu leumpang di jalan nu teu bener.
“Naha bet mani kudu rariweuh jeung ngarancam rék ngabubarkeun paguron sagala,” ceuk Takmad. Paguronana teu ngajarkeun korupsi, maling, jeung kajahatan séjénna. Malah mah tina jihad pangan kaitung alus, anggota pikeun nyumponan karbohidrat teu gumantung kana sangu, daharna, kawas urang Cireundeu Cimahi, beubeutian tur meunag melak sorangan.
Dinas Pemuda Olahraga, Kebudayaan dan Pariwisata (Disporabudpar) Kabupatén Indramayu nyebutkeun loba sémah ti mancanagara naranyakeun jeung harayang nganjang ka pagorun Takmad anu anggotana sok dibaluligir jeung loba kalangenan anu ararahéng. Sémah téh sok dianteur ka padépokan Takmad bari sajajalan ditatar heula.
“Ku abdi diécéskeun sajéntréna. Paguron Takmad sanés nu urang Dayak, upamina ngalih ti Kalimantan ka Indramayu. Suku Dayak Segandu bénten sareng kampung Naga di Tasikmalaya, Kampung Kuta di Ciamis, Kanékés di Lebak sareng sajabina Éta mah salah sahiji paguron ngaji rasa madé in Takmad,” ceuk Drs. Umar Budi Karyadi M.Si, Kadis Porabudpar Kabupatén Indramayu.* Ryatna - kisuta.com


