Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Sapoé 48 Jam

Senin, 24 Juni 2013

DUNYA rumanggiyeung. Mesin-mesin pating beledug ku sabab terus-terusan ngagerung hirup, ngudag targét nyubadanan paménta konsumén nu teu eureun ti sakuliah dunya. Kantor-kantor paciweuh, ambulan teu eureun ngangkut para pagawé anu pating galubrag béakeun tanaga, dipeleter ku pagawéan anu taya eureunna. Pon kitu deui di imah, di pasar, di sakola, jeung nu lianna, loba jalma anu teu walakaya, ngalalukrah, malah loba nu nepika hanteuna.
Sok komo tutuwuhan, laleumpeuh jeung parérang ku sabab lila teuing kapentrang ku panasna panonpoé anu terus moncorong leuwih ti mistina.
“Aya ku panjang-panjang teuing poé téh lumangsungna? Geus teu kuat kuring mah hayang saré, meureumkeun panon anu geus cepel lila teuing beunta!”
“Guru-guru geus béakeun kecap pikeun nepikeun matéri pangajaranana, komo barudakna mah uteukna geus kandeg diajarna!”
“Komo kuring, ibu rumah tangga! Ku waktu anu biasa sakitu katétérna, komo ayeuna, na iraha rék istirahatna?”
Raéng anu luh-lah, paselang jeung nu pating jarerit, pating kerebek dina lautan késang nu neuleumkeun sagalana.* Zulaikha Sobana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya