Calon Mitoha
"CEP, damel teh di mana?" Ceuk Pa Husen waktu kuring apel malem Minggu. "Ah, abdi mah teu acan gaduh padamelan anu tetep, Pa!" Walon kuring sopan. Lila anjeunna neuteup beungeut kuring. "Oh kitu... atuh engke anak
bapa rek diparaban naon?" Nyarita kituna teh bari ngaleos ninggalkeun kuring sorangan di tepas. "Nina, ceuk Apa ge mending keneh ka Den Oyon, manehna mah geus puguh jadi pagawe di kota!" Kadenge sora pimitohaeun ngajelengeng kana hate.
Minggu kaopat kuring meunang surat ondangan, Nina dikawinkeun ka lalaki pilihan bapana. Indung jeung bapa kuring mah ngalarang kuring ngahadiran, tapi kuring gilig rek datang ka nu keur hajat. Teu lila milu ngantri rek ngawilujengkeun panganten teh, laju kuring ngadeukeutan panganten. Oyon langsung nyolongkrong bari sungkem kana leungeun kuring, nu aya di dinya kabeh olohok. "Hatur nuhun bapa keresa sumping,... bapa, ibu.... ieu teh dunungan abdi di kantor," ceuk Oyon ngenalkeun kuring ka kolotna jeung mitohana. Aya cipanon nu nyalangkrung dina panon bapana Nina waktu kuring sasalaman jeung anjeunna.* Irman Dimyatie - kisuta.com


